A. Maksud Kandaga Kecap
Kandaga Kecap dina basa Indonesia disebut Kosa Kata.
Kandaga kecap bias dihartikeun oge kabeungharan kecap, kajembaran kecap, anu dina basa Indonesia sok disebut perbendaharaan kata.
Kandaga kecap ngawengku:
1) Kecap-kecap nu aya dina hiji basa;
2) Kabengharan kecap nu kapimilik ku hiji jalma;
3) Kecap-kecap nu dipake dina hiji widang elmu pangaweruh;
4) Daftar kecap nu disusun sacara alfabetis dibarengan ku katerangan atawa wangenan hartina;
Elmu nu ngulik atawa nalungtik kandaga kecap disebut leksikologi, sedeng etimologi mah nu maluruh asal-usulna kecap.
B. Ambahan Kandaga Kecap
1) Kecap
2) Pakeman basa
3) Istilah
4) Kecap wewengkon
1. Kecap Kajian, maksudna istilah, nya eta kecap atawa kentetan kecap anu kalawan gemet ngagambarkeun harti hiji konsep, proses, kahanaan atawa sipat anu husus dina hiji widang.
Ngawangun istilah dina hiji basa aya aturanana, nu sok disebut tata istilah.
Hiji istilah bias mangrupa kecap asal, kecap kantetan atawa kecap rundayan. Katangtuan-katangtuan ngawangun istilah:
a. Upama aya dua kecap atawa leuwih nu sarua atawa meh sarua hartina, keur istilah dipilih kecap nu pangmerenahna, nu teu loba tapsiranana. Contona:ngurus, miara, ngamumule, mulasara, ngariksa, ngaraksa.
b. Upama aya dua kecap atawa leuwih nu sarua maksudna, pikeun istilah dipilih kecap anu pangpondokna, contona: nu miluan jadi pamilon, tukang tani-patani, tukang dagang-padagang.
c. Upama aya dua kecap atawa leuwih anu sarua hartina tapi beda ajenna, keur istilah cokot kecap nu ajenna hade tur ngenah kadengena. Contona: ungkluk – tunasusila; rarandaan – lalagasan
d. Kecap umum dibere harti husus ku cara diheureutkeun atawa dilegaan harti asalna. Contona: carita pondok, tapak jalak, serat sinerat.
2. Pilihan Kecap (Diksi), maksudna milihan kecap anu maksudna pas/meneran sarta luyu dina ngebrehkeun gagasan.
Dina prakna ngajar mah titangu eta bahan-bahan nu kaasup kana kandaga kepap the teu salilana sewing-sewangan, tapi galo gumantung kaperluan.Bahan kandaga kecap kudu diluyukeun jeung kataan jaman. Basa-basa atawa kecap-kecap anu teu praktis deui dina kahirupan sapopoe teu kudu diapalkeun ku barudak, paling-paling ngan sakadar wanoh.
A. Bahan Kandaga Kecap
1. Kecap, dipasing-pasing jadi sababaraha golongan, diantarana:
1.1 Kecap Panganteur:
am dahar biur ngapung cong nyembah
blok bahe brus mandi celengok nyium
bray caang dug sare cer kiih
deker digawe gedig indit hing ceurik
clik murag gewewek ngegel gaplok nyabok
jedak diadu jedug tidagor kuniang hudang
lek neureuy lep teuleum nyel ambek
rengkenek ngigel sebrut narajang terekel naek
segruk ceurik lar ngaliwat paralak hujan
…………………………………….. jeung sajabana.
1.2 Ngaran-ngaran (sawareh geus teu praktis deui dina kahirupan sapopoe, maksudna tara dipake dina obrolan)
(1) Anak sasatoan:
anak anjing = kirik/kicik anak bagong = begu/bedul
anak bandeng = nener anak banteng = bangkanang
anak buaya = bocokok anak belut = kuntit
anak bogo = cingok anak deleg = boncel
anak entog = titit anak embe = ceme
anak gajah = menel anak hayam = ciak
anak japati = piyik anak kancra = badar
anak keuyeup = bonceret anak kuda = belo
anak kukupu = hileud anak kutu = kuar
anak lele = nanahaon anak lauk = burayak/kebul/belo
anak lubang = leungli anak maung = juang/aom
anak monyet = begog anak munding = eneng
anak jelema = orok anak reungit = utek-utek
anak sapi = pedet anak ucing = bilatung
(2) Kekembangan
alewoh = kembang waluh jelenggut = kembang cikur
angkruk = kembang jeruk jantung = kembang cau
ancal = kembang bolang karuk = kembang jambu batu
ancul = kembang eurih lenyap = kembang jambu aer
badaus = kembang tiwu mayang = kembang jambe
badul = kembang koneng merekenyenyen = kembang jengkol
bosongot = kembang bako moncorong = kembang terong
bolotok = kembang cabe olohok = kembang kadu
bubuay = kembang hoe pendul = kembang peuteuy
cacas = kembang lopang pencenges/men = kembang cengek
curiwis = kembang kaso pelepes = kembang kulur
dingdet = kembang sampeu pengit = kembang leunca
gelenye = kembang genjer pengis = kembang kawung
ingwang = kembang gedang punting = kembang jotang
jamotrot = kembang laja rinduy = kembang muncang
jalinger = kembang jaat ringsang = kembang pare
suligar = kembang kalapa uceng = kembang tangkil
seleksek = kembang limus uing = kembang jarak
sedek/gojod = kembang salak ulated = kembang bawang
tela = kembang boled eumreuk = kembang sawi
comrang = kembang honje
(3) Kandang/Tempat
Kandang hayam/domba/embe = paranje
Kandang japati = pagupon
Kandang kuda = istal = gedogan
Kandang/tempat lauk = buleng
Kandang maung (sato galak) = karangkeng / garogol
Kandang munding = pakandangan / karapyak
Kandang manuk = kurung
(4) Tukang/Patukangan
anjun = tukang nyien parabot tina taneuh
bujangga/sastrawan = tukang nyieun/nulis carita
candoli = tukang ngajaga pabeasan di nu hajat
gending = tukang nyieun parabot tina kuningan
kabayan = tukang dititah ka ditu ka dieu
kamasan = tukang nyieun perhiasan tina emas/perak
kuncen = tukang ngurus kuburan
legig = tukang ngasruk dina pamoroan
malim = tukang meruhkeun sasatoan galak
maranggi = tukang nyieun kandean/sarangka keris
nyrawedi = tukang ngagosok permata
pakacar = tukang ngladenan/bujang
tukang paledang = tukang nyieun parabot tina tambaga
palika = tukang teuleum
pamatang = tukang moro ngagunakeun tumbak
pamayang = tukang ngala lauk di laut
panday = tukang nyieun parabot tina beusi
paneresan = tukang nyadap
paninggaran = tukang moro nu sok make bedil
sarati = tukang ngusir/meruhkeun gajah
(5) Parabot/Pakakas
Arit = parabot paranti ngala jukut/pare
Ancun = paranti ngakut ese kacang
Balincong = pakakas paranti nugar
Parang = paranti ngababad jujukutan dina galeng
Sundung = paranti ngawadahan jukut upama tas ngarit
(6) Ngaran-ngaran parabot nu aya palina jeung dapur:
aseupan - ayakan - boboko - cecempeh – cukil - cewo – coet – dulang – gayung/siwur – halu – jodang – jubleg – kalo – kastrol – katel – kendi – kukuran – lodong – lulumpang – nyiru – pangarih – parako – parud – piring – poci/teko – rantang – said (boboko gede) – sangrayan – seeng – sendok – sosorok – sinduk – songsong – talenan – tetenong – tolombong.
(7) Ngaran Pakarang Tradisional
asek = paranti ngaseuk, biasana di kebon
baliung = pakakas tukang kai nu bias digalar-gilir jadi patik atawa rimbas
bandring/katepel = paragi maledog-maledogkeun batu
bedog = paragi ngadek
congkrang = paragi nyacar
dekol/kampak = paragi ngadek tur bias dipake nakol saperti palu
etem = paragi ngala pare (dibuat)
gacok/garpuh = paragi macul nu taneuhna loba batu atawa cepel supaya taneuhna jadi gembur. Sakapeung dipake nyungkal
gaet = paragi ngait nu make beusi tur digagangan
gegendir = paragi neunggeul nu beurat, dijieun tina kai/beusi
gobang = saperti bedog ngan panjang
gondewa = paragi mentang jamparing
jamparing = panah, dilepas make gondewa
jara = paranti ngaliangan kai/awi, dijieunna tina kawat
kikir = paragi ngasah ragaji
kored = paragi miceunan jujukutan
kujang = paragi ngadek atawa newak, pakarang urang Sunda baheula ayeuna dipake lambing kasusastraan
sumpit = paragi ngala lauk, dijieunna tina tamiang make paser
(8) Ngaran Waktu (tradisional)
Janari leutik = tabuh 01.00 – 03.00 peuting
janari gede = tabuh 03.00 – 04.30 peuting/subuh
balebat = tabuh 04.30 (pajar geus ting arudat)
carangcang tihang = tabuh 04.30 – 05.00
haneut moyan = tabuh 07.00 – 08.30
rimangsang = tabuh 09.00
pecat sawed = tabuh 10.00 – 11.00
manceran = tabuh 12.00
lingsir ngulon = tabuh 13.00
panonpoe satangtung = tabuh 15.00
tunggang gunung = tabuh 16.00 – 17.00
sariak layung = tabuh 17.00 – 18.00
harieum beungeut = tabuh 18.00
sareupna = tabuh 18.30
(9) Ngaran-ngaran usum
usum nyambut = usum mitmbeyan ngagarap sawah
usum morekat = usum nyawah leutik
usum paceklik = usum tigerat, kakurangan pare/dahareun
usum katiga = usum halodo sabalikna usum ngijih
usum mamareng = usum mimiti rek ngijih
usum dangdangrat = usum panyelang antara halodo jeung ngijih
usum pagebug = usum loba nu gering parna, loba nu maot
usum sasalad = usum loba panyakit nu babari tepa
usum patepok = usum loba nu kawin
usum tigerat = usum paila, kurang dahareun
(10) Ngaran-ngaran Wangunan
balandongan = adegan saheulaanan pikeun narima semah, tampat kamonesan di nu hajat
bale = adegan wawangunan
bale desa = kantor pamong desa
bale kota = kantor wali kota
bale watangan = kantor pangadilan
bedeng = imah anu dipetak-petak, keur pagawe atawa dikontrakeun
leuit = wangunan paranti neundeun pare
(11) Ngaran-ngaran Patempatan
a. Di imah
Kolong – tepas – patengahan – pawon/dapur – pangkeng/kamar – goah – pipir – pakarangan – buruan - teras
b. Di luar
alun-alun = tanah lapang hareupeun kabupaten, kacamatan jsb.
babakan = lembur anyar rada anggang ti lembur sejen
babantar = bagian wahangan nu leah sarta deet
bobojong = jojontor tanah nu nyodor ka cai
bubulak = sabangsaning tegalan nu pinuh ku jukut, perenahna di lamping atawa di pasir
lamping = bagian gunung atawa pasir antara puncak jeung tutugan
leuwi = bagian walungan anu jero, biasana lega
muara = tungtung walungan di hilir, tempat patepungna walungan jeung laut, atawa antara walungan gede jeung walungan leutik
pasir = gunung leutik sarta handap
reuma = tanah darat urut huma
sampalan = tegal di tengah leuweung tempat nyaratuna satu jarah
tetelar = tanah datar di tengah sawah nu teu kacaian, sok dipake pangangonan, atawa jalan anu rata tur lempeng, taya tatangkalan atawa lenglang
tepiswiring = sesebutan sejen keur pasisian/pilemburan
1.3 Kecap Jembar jeung Kecap Husus
Kecap jembar maksudna kecap nu ambahanana lega atawa ngawengku sawatara hal, saperti: mawa, ngumbah, kandang, tukang, kembang, ngala, anak, sok disebut oge miboga harti umum. Kecap husus nyaeta kecap anu ambahanana heureut atawa husus, contona : ngelek, sibeungeut, istal, kamasan, jst.
a. Tina harti umum (jembar) mawa:
nanggung nyuhun
ngelek ngagandong
ngajingjing ngagembol
nogencang ngagotong
ngakut manggul
b. Tina harti umum ngala:
mipit ngundeur
metik dibuat
mupu naruk
nekrok ngajul
c. Tina harti umum ngumbah
Sibeungeut – ngisikan – nyeuseuh – sibanyo - mandi
1.4 Kecap nuduhkeun panganteb/kaayaan/sipat
beureum mani euceuy
bodas mani nyacas
hejo mani ngagedod
hideung mani cakeutreuk
hideung mani lestreng
koneng mani enay
Nuduhkeun rasa:
amis mani kareueut
haseum mani ngadengil
lada mani newewet/segak
pait mani molelel
panas mani nereptep
tiis mani camewek
seungit mani melenghir/meleber
bau mani meledos/meledek
Nuduhkeun sipat:
herang mani ngagenclang/ngagenyas
poek mani mongkleng/meredong
caang mani ngebrak/mabra
ipis mani nyempring
kandel mani kedeplik
pendek mani pacekrek
panjang mani ngagebay
dede mani ngajegir
leutik mani camperenik
1.5 Kecap serepan / kecap pungut:
unsur sosial bandar
volume cahaya pasar
neto kawasa kawin
bruto kalam beker
indicator piker lampu
criteria wawasan lomari
profesi sarana jandela
prospek moral bandera
dampak aktivitas lantera
adil universitas baki
aksara hakim baskom
amal tahu laskar
bako kiper darajat
bangku sukses toge
batin aktip ulama
……………………………………………………………………. jeung sajabana
2. Pakeman Basa
Pakeman Basa maksudna wangunan basa anu husus tur mandiri sarta harti nu dikandungna henteu bisa ditapsirkeun sajalantrahna nurutkeun harti tata basa.
Nu kaasup pakeman basa di antarana bae:
2.1. Kecap Kiasan, contona : - Ulah resep ngarojokan nu pasea
- Tukang dagang teh nekuk pisan
- Ulah sok meunggaskeun harepan batur
2.2. Babasan, nya eta ucapan matok nu dipake dina harti injeuman
Contona babasan : - ceuli lentaheun
- hampang birit
- leuleus awak
2.3. Paribasa, nya eta ucapan matok, saeutik patri, nu mangrupa siloka lakuning hirup, (pituah, piluangeun jsb)
Contona : - Anjing ngagogogan kalong
- Pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian
- Elmu tungtut dunya siar ...jsb.
Htur nuhun infona.. ^^ Enjing abdi UTS, neda pidu'ana.. :)
BalasHapusKomentar ini telah dihapus oleh administrator blog.
BalasHapusKomentar ini telah dihapus oleh administrator blog.
BalasHapusKomentar ini telah dihapus oleh administrator blog.
BalasHapus